Kecap-kecap Babandingan Basa Sunda

Berikut adalah beberapa ungkapan (babasan) Sunda yang menggunakan gaya bahasa atau majas Simile (ngupamakeun), yang menggunakan kata-kata perbandingan siga/jiga, kawas, lir, ibarat, dan cara (seperti, misal, bagaikan, umpama, bak).

Assalamu’alaikum warohmatullohi wa barokatuh! Alhamdulillahi robbil ‘alamin! Allohumma solli ‘ala Muhammad, wa alihi, wa ashabihi, ajma’in! Urang ditojolbetonkeun baé. Hadirin rohimakumulloh! Dina danget ieu, simkuring seja ngadugikeun sawatara kecap babandingan basa Sunda anu parantos maneuh atanapi parantos janten babasan dina kahirupan sadidinten urang Sunda.

Sakumaha anu parantos kauninga, wireh nu dimaksad babasan téh nyaéta ucapan matok anu parantos puguh éntép seureuhna anu dianggé dina hartos injeuman. Janten sanés dina hartos sajalantrahna. Eusina nyaéta mangrupi babandingan hiji barang atanapi kaayaan tur parantos ngawangun hiji kecap. Janten henteu tiasa dirobih-robih deui. Henteu tiasa ditambihan, dikirangan, atanapi dilemeskeun.

Anapon wangun éta babasan téh éstu rupi-rupi. Leresan dieu, simkuring seja ngadugikeun babasan-babasan anu nganggé kecap babandingan “siga”, “kawas”, “lir”, “ibarat”, sareng “cara”. Sakedahna, ieu kecap-kecap babandingan téh mibanda kalungguhan séwang-séwangan, sapertos kecap “siga” anu husus dianggé kanggé ngabandingkeun kaayaan lahiriah, atanapi “kawas” anu dianggé ngabandingkeun kalakuan; nanging dina prakna mah éta kecap-kecap téh dianggéna sok dipacorokokodkeun. Pon kitu ogé anu kaunggel dina babasan-babasan anu badé didugikeun ku simkuring ieu.

Atuh supados henteu nyangkolong teuing kana waktos, sumangga urang kawitan baé. Bismillahirrohmanirrohim!

Siga/ Jiga

siga arjuna = kasép pisan
siga béntang kabeurangan = geulis pisan
siga bungaok = goréng patut pisan
siga careuh bulan = nu diwedak kandel teuing
siga congcorang murus = jalema jangkung tapi kacida begangna
siga dodol bulukan = kulit hideung diwedakan teu rata
siga kedok bakal = goréng patut pisan
siga kedok rautaneun = goréng patut pisan
siga maung meunang = biwirna lamokot beureum ku luah
siga Si Cépot = goréng patut pisan, lalaki
siga panyeupahan lalay = belél sarta buruk, kaén
siga tunggul kahuru = goréng patut
siga wayang pangsisina = goréng rupana

Kawas

kawas aeud = nya goréng budi nya bangor
kawas anjing kadempét lincar = méré paréntah ka batur teu kalawan sabar
kawas awi sumaér di pasir = luak-léok pikir, teu puguh tungtungna
kawas aul =
kawas anu teu dibedong = kaluar asup tara meundeutkeun panto
kawas bayah kuda = belél pisan
kawas beubeulahan térong = sakarupa pisan, saperti budak kembar
kawas beusi atah beuleum = beungeutna geuneuk lantaran kacida ambekna
kawas bodor réog = jalma anu tingkah lakuna pikaseurieun
kawas bueuk beunang mabuk = ngeluk jeung teu wani ngomong
kawas bujur aseupan = diuk teu daék cicing
kawas cai dina daun bolang/taleus = naséhat atawa papatah taya nerapna
kawas carangka runtah = jalma anu sagala beuki jeung gembul
kawas ciduh jeung reuhak = sarua goréngna
kawas cucurut kaibun = goréng patut jeung pikarunyaeun
kawas dongéng si boséték = gunta-ganti aturan tapi tetep taya kamajuan
kawas durukan huut = pibahyaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gedé
kawas gaang katincak = repéh sapada harita
kawas gateuw = teu bisa liar lantaran kasakit tapi awak lintuh
kawas hayam lamba = bereset, taya kawani
kawas hayam panyambungan = talamba-tolombo dina riungan
kawas heulang pateuh jangjang = méh teu bisa walakaya
kawas hileud peuteuy = jalema nu ngahalang-halang karep batur
kawas hama-himi = méh salilana babarengan duaan, tara daék papisah
kawas hayam keur endogan = cilingcingcat baé, teu daék cicing
kawas jogjog mondok = cékcok, récok
kawas ka budak rodék hulu = ngahina, kawas ka jalema bodo atawa budak bolon
kawas lauk asup kana bubu = hese kaluar tina hiji lingkungan
kawas leungeun nu palid = ngopepang, sagala dicabak atawa dicekel
kawas nu kékéd = teu bisa barangbawa
kawas nu meunang lotré = meunang rejeki gedé nu teu disangka-sangka
kawas nu mulangkeun panyiraman = mikahayang nu lain-lain
kawas siraru jadi = riab ka mana-mana
kawas supa jadi = gancang pisan jadina jeung ngalobaanana
kawas tatah = teu hideng sorangan
kawas térong beulah dua = sakarupa pisan, saperti budak kembar
kawas toéd = budak beuki ngomong, célémbeng
kawas ucing jeung anjing = teu daék akur, paséa baé
kawas ucing garong = jalema jahat nu sok ngaranjah imah
kawas ucing keur kumincir = sagala dicabak, sagala dicekel
kawas ucing kumareumbi = sagala dicabak, sagala dicekel
kawas ucing tutung buntut = teu ngeunah cicing di imah

Lir

lir emas sinangling =
lir gula jeung peueut = sarua layeutna atawa geugeutna
lir kacang ninggang kajang = norostos, capétang
lir kuda leupas ti gedogan = ngumbar kahayang sakarepna
lir langit jeung bumi = kacida bédana
lir nanggeuy endog beubeureumna = nyaah teu aya wates wangena
lir nu dipupul bayu = taya tangan pangawasa, leuleus pisan
lir pantun teu jeung kacapi = bisa mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan
lir rama jeung sinta = nurub cupu, nu kasép jeung nu geulis
lir ucing nyanding paisan = piraku henteu kagoda
lir widadari turun ti kahyangan = wanoja nu kacida geulisna

Ibarat

ibarat budak dibeuteungan nyusu =
ibarat mihapekeun hayam ka heulang = nitipkeun barang ka jalma anu teu beunang dipercaya
ibarat jogjog neureuy buah loa = milampah anu moal pihasileun

Cara

cara badak Cihéa = leumpangna nyuruntul bae, tara nanya-nanya acan
cara embé = embung mandi sabab sieun ku cai
cara merak = beuki pisan kana lada
cara simeut hiris = tai kana beuheung-beuheung, pohara bodona
cara sireum = jalma ngantay lobaan
cara tikukur =
cara toko pindah =

Sakitu nu kapihatur! Malah mandar aya pulunganeunana. Anu teu aya hartosna mah, sumangga eusian waé ku nyalira! Hatur nuhun! Bobo sapanon carang sapakan. Assalamu’alaikum warohmatullohi wa barokatuh!***

8 thoughts on “Kecap-kecap Babandingan Basa Sunda

  1. sjamsudin mengatakan:

    ageung mangpaat, malar kenging ageung perhatosan tin urang sunda nu geus teu nyunda.

  2. sjamsudin mengatakan:

    manfaat pisan keur pribados nambihan pangaweruh rumaos janten urang sunda nu teu nyunda deui geuning. hatur nuhun

  3. kahlil gibran mengatakan:

    salam kenal dan smoga dapat mencerdaskan bangsa indonesia (khusuhya yang ada di tanah sunda)

  4. wawan husin mengatakan:

    Sae pisan, kanggo sim kuring, lapak/situs ieu, ageung mangpatna aka angAde. Salam kenal. UrSiDu… urang silih dungakeun!Bismillah!

  5. meitri widya mengatakan:

    jangan lupa selalu membaca cerita rakyat

  6. umi arumy mengatakan:

    jangan lupa selalu mengingat masa kecil kita

    dan jangan lupa selalu membaca cerita rakyat

  7. Anonymous mengatakan:

    I LOVE YOU CERITA RAKYAT

  8. Anonymous mengatakan:

    himi kaawasi

Tinggalkan Balasan

Alamat surel Anda tidak akan dipublikasikan.

Anda dapat menggunakan tag dan atribut HTML: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>