Da Gaya Nya Téh Basa Sunda Mah

Pengertian beberapa majas atau gaya bahasa Sunda yang mencakup ngomong dua, ngomong seukeut, nyungkun, silib, siloka, mijalma, rarahulan, ngasor, rautan, kadalon, ngupamakeun, lalandian, ocon, serta tunggalan dan hurunan beserta contoh-contohnya dalam kalimat.

Ceuk si Euceu, teuing Ceu naon, ka uing téh aya nu naroskeun ngeunaan conto-conto gaya basa ngomong dua, ngomong seukeut, jeung nyungkun. Hanjakal harita uingna keur suwung. Puguh harita téh keur bubuara di imah sorangan. Ah, lain gé bubuara atuh nya ari di imah sorangan mah! Antukna ngawalonan téh maké surat. Tangtu leuir pisan. “Kadongdora dijawab ogé ari geus manggih oray sukuan mah!” Moal boa kitu basana téh. Ah, maenya aya oray sukuan? Oh, gaya basa kutan téh.

Ceuk Ki Dulur mah, cenah, éta tilu gaya basa téh, enya ngomong dua, ngomong seukeut, jeung nyungkun téa, kaasup kana gaya basa alégori. Teuing atuh, uing mah bingung! Tapi enya sigana mah, éta téh mangrupa alihbasa tina ironi, sinisme, jeung sarkasme. Tuh, da uing mah sok ironis. Lamun manéh sok sinis ka uing. Ari Si Itu mah ngarana Mang Sarkowi, lain Sarkasme atawa Sarkanjut. Tah kitu!

“Tong kapalang ngacapruk téh, Sardé! Sok teruskeun tataan kadinyah: Tepungkanjut, Kontolbangkong, Légokhangseur, Ciéwé, Éwé Déét, Éwé Jero, Kontol Tidagor, kanjut kunang, tali kanjut, eusi kanjut, heunceut ucingeun!”

Tah nu kitu mah gaya basa Sarkasme alias Nyungkun téa. Heueuh atuh da uing gé ngarti, Euceu mah lain maksud nitah ieuh, tapi sabalikna, nyarék uing bari jeung keuheul. Ongkoh nitah tapi ambek-ambekan. Dasar nu nyungkun!

Naon deuih mamawa Tepungkanjut? Nyaho uing gé Tepungkanjut mah. Komo bé da uing téh urang Ciamis Kidul. Pan éta téh wewengkon wates Kota Banjar jeung Ciamis, lain? Lamun Kontolbangkong, Legokhangseur, jeung Ciéwé mah uing teu nyaho. Ngan béjana mah éta téh di daérah Tasik jeung Ciamis. Pan ari Sarkanjut mah di Garut, lain? Tah lamun Éwé Déét, Éwé Jero, jeung Kontol Tidagor mah kadaharan kabeuki Euceu. Heunceut ucingeun mah Euceu sorangan; anak ngadirihdil! Kawas ucing atuh anakan téh, Ceu!?

Nyungkun, kitu ceuk basa urang mah. Mangrupa gaya basa sindir disagédéngeun ngomong seukeut atawa ngomong dua. “Saé pisan éta cariosan téh, Ang!” pan anu sinis atawa ngomong seukeut mah kitu. Béda jeung anu ngomong dua, “Pinter ayeuna mah Ang Adé téh, bati gaul sareng ahli géografi katut ahli pasakan mah janten tiasa nataan nu kararitu!” Ironi éta mah.

Conto Gaya Basa Sindir:
  • Ngomong Dua:
    • Tuh Ibro mah geus nyubuh deui baé ka sakolana, nya! (kabeurangan)
    • Mirah ayeuna mah uyah téh nya, Bu! (angeun karasa loba teuing uyahna)
  • Ngomong Seukeut:
    • Teu sangka, getol geuning putra ibu téh! (harti sabalikna; malesan)
    • Alus pisan kalakuan téh, Jang! (harti sabalikna; goréng kalakuan)
  • Nyungkun:
    • Cing tarikan deui tah radio téh, ngarah jempé! (nyarék ku cara nitah)
    • Tong kapalang, jejegan wé bolos téh sapuluh poé deui! (nyarék ku cara nitah)

“Paingan aya kukupu ka dieu téh, da aya kembang sumedeng mekar.” Ari nu kieu gaya basa naon? Teuing, sigana mah gaya basa Silib atawa Siloka nu kitu mah. Atuh sarua jeung Sindir? Duka, sigana mah béda, da éta mah henteu nyindiran, teu kawas nu di luhur, ukur malibirkeun omongan. Pan malibirkeun omongan téh nyindiran téa, lain? Heueuh nya. “Kukupu” maksudna bujang atawa jajaka, lamun “kembang sumedeng mekar” harti injeuman ti parawan anu keur mangkak rumaja. Jadi ieu mah maké kecap babandingan. Tapi lain Simile atawa Métonimia. Duka lamun Métafora mah. Enya, Métafora kawasna mah.

“Ulah didingding kelir atuh ngomong téh, Ang. Ka Euceuna jadi lieur kieu. Pék baé togmol kadinyah, da Euceu gé sarua keur teu boga duit ieu téh!” Is, naha ari Euceu, los-los kana teu boga duit!? Tapi bener kétang Ceu, uing gé sok ngadéngé kekecapan sindir sampir sindang siloka. Jadi sabenerna mah éta-éta kénéh. Nu kitu bisa disahurunkeun jeung gaya basa alégori. Kaasup ogé Sisindiran. Meureun, kitu ogé!

“Naha sia mah teu pengkuh kana pamadegan téh?” Atuh baé Ceu, bongan bé Euceu teu méré nginjeum duit ka uing!

Heueuh, kawas batur, urang Sunda mah resep pisan kana sindir sampir sindang siloka téh. Teu kolot teu budak, ngaromong téh sok tara togmol atawa ceplak pahang. Anggur dibalibirkeun kana hal-hal séjén; nu dipaké téh basa anu kecap-kecapna kaluar tina harti léksikal. Tapi da éndah nu kitu téh. Karasa hirupna basa. Manis!

“Basa Si Sardé diputuskeun kabogohna, ngadadak gunung témbong nguyung, talaga milu susah.” Personifikasi atawa Mijalma; nyaruakeun barang teu nyawaan jeung nu nyawaan. Pajah téh gunung nguyung. Beuh, kawas hayam ku cekak baé. Naon deuih aya talaga susah? Bogaeun hutang kituh?

Conto Gaya Basa Mijalma:
  • Bulan teu nembongan, béntang tingkariceup mapaés langit.
  • Kota Bandung masih kénéh diharudum halimun.
  • Tangkal kalapa ngagupayan milu ngajajapkeun.
  • Délman téh di jalan nu tarahal mani ramohpoy.
  • Basa Rahwana gugur, rebab ceurik ngabangingik.
  • Kalangkang pun biang téh luluncatan baé dina panon.

“Sanajan nepika ceurik getih ogé, Sardé, moal ditedunan paménta manéh hayang kawin jeung anak kami mah!” Hiperbola atawa Rarahulan, maké kecap-kecap anu kaleuleuwihi atawa pamohalan. Pamohalan teuing uing ceurik getih. Paling banter gé uing mah ceurik téh ukur bisa kaluar cimata jeung lého.

Conto Gaya Basa Rarahulan:
  • Manéhna mah lumpatna téh tarik tanding mimis.
  • Bakating ku reuwas mani asa ragrag jajantung.
  • Pantes disebut raja dunya ogé, da pakayana mani lubak-libuk.
  • Awak sagedé gajah diuk dina korsi réyod, nya nambru atuh!
  • Éta mah Bah Rojiun, padudana gé mani sagedé jubleg.
  • Hahargaan téh beuki dieu beuki ngawang-ngawang waé.

“Hampura euy, Dé! Akang keur teu boga duit sapésér pényon-pésér pényon acan. Dahar gé ukur karo uyah.” Litotes atawa Ngasor; ngarendahkeun diri sorangan pikeun ngahurmat nu diajak nyarita. Ah, bohong Si Akang teu boga duit, piraku deui daharna ukur jeung uyah. Éta mah ngahurmat uing bé. Da uing gé ngarti, pan maksud Akang téh, “Na sia téh Sardé, méntaan baé udud. Cing sakali-kali mah méré atuh!” Enya, lin Kang?

Conto Gaya Basa Ngasor:
  • Linggih atuh Pa, ka saung butut!
  • Lah, kuring mah imah gé sagedé kandang japati.
  • Mugi ngamalum baé, abdi mah jalmi tuna harta tuna harti.
  • Rumasa hirup téh lieuk euweuh ragap taya.
  • Di imah téh mani taya samak saheulay-saheulay acan.
  • Mangga nyanggakeun tuang sapulukaneun!

“Wios teu kedah didangu Ang Adé mah. Numawi anjeunna téh nuju kaganggu émutanana.” Eufimisme atawa Rautan; kecap-kecapna diraut atawa dilemeskeun sangkat henteu nyentug teuing kadéngéna. Mun teu diraut mah, “Keun, ulah didéngé Si Sardé mah, jelema keur gélo.

Conto Gaya Basa Rautan:
  • Punten Ibu, badé ka pengker heula! (kiih/ modol)
  • Numawi anjeuna téh nuju kaganggu émutanana. (gélo)
  • Pun Nini mah parantos kirang dangu. (torék)
  • Bapana geus mulih ka jati mulang ka asal. (maot)
  • Anu mawi anjeuna téh henteu ningal. (lolong)
  • Putra téh kirang pisan dina basa Inggrisna. (bodo)

“Euceu gé nempo ku panon sorangan siah, Sardé, manéh anu sok ngaheureuyan anak parawan Ma Acah téh!” Pléonasme atawa Kadalon; maké katerangan tambahan anu sabenerna mah henteu perlu. Dimana-mana ogé Euceu, nempo mah pasti ku panon. Maenya ku irung!

Conto Gaya Basa Kadalon:
  • Isuk kénéh para pamayang geus haranjat ka darat.
  • Ulah ngadahar nu haseum isuk keneh mah, bisi mules beuteung!
  • Nu gering téh teu daékeun nginum cai-cai acan.
  • Basa dicarékan ku indungna, Lina ngeluk tungkul.
  • Monyét téh térékél naék ka luhur.
  • Harita téh kuring mah ngadéngé ku ceuli sorangan.

“Héy, ari sugan uing Si Sardé téh kasép euy. Manahoréng siga Si Cepot, siga wayang pangsisina, siga tunggul kahuru, siga bungaok, siga kedok bakal, siga kedok rautaneun!” Simile atawa Ngupamakeun; maké kecap-kecap babandingan anu sipatna nembrak, ilaharna mangrupa babasan anu maké kecap siga/ jiga, kawas, lir, ibarat, jeung cara. Ah siah, ngécé téh mani bébéakan. Manéh gé kawas cucurut kaibunan, siah!

“Kitu-kitu ogé, Si Sardé téh keur budak mah béntang pelajar sa-Kota Manis, euy.” Metafora atawa Lalandian; maké kecap babandingan anu méh nyaruaan jeung kaayaan sabenerna, pikeun ngalandi. Béntang pelajar, murid pangpinterna. Kota Manis, landian keur Ciamis.

Conto Gaya Basa Lalandian:
  • Saha atuh nu teu apal ka Pa Oto Iskandardinata, Si Jalak Harupat téa.
  • Eta budak téh teuing ku lucu keur meujeuhna kembang buruan.
  • Ngadéngé sorana mah éta juru mamaos téh teu bina ti Saodah Muda.
  • Ratna kapilih jadi béntang pelajar di sakolana.
  • Iraha badé angkat ka Kota Kembang téh?
  • Raja dangdut rék ngayakeun konsér di Tasikmalaya.

“Kang, rék dibikeun ka uing moal Toshiba anu beunang pamanggih téa?” Métonimia atawa Ocon; maké kecap anu mibanda hubungan raket jeung barang nu dimaksud. Maksud uing Toshiba téh nyaéta komputer tilep. Pan harita Akang manggih ti jarian, lain?

Conto Gaya Basa Ocon:
  • Saurna badé kana Budiman angkat ka Bandung téh. (beus)
  • Cing pangmeulikeun Djarum Super, Jang! (roko)
  • Sabaraha meulina Honda téh, Kang? (motor)
  • Arék dibeuli Nokia kuring? (telepon keupeul)
  • Tuh paké Addidas rék mengbal mah! (sapatu)
  • Bi, aya Aqua? (cai inum)

Nagara urang ogé ayeuna mah geus bisa nyien pesawat terbang, Ang!” Totem Pro Parte atawa Hurunan; nyebut sagemblengna sok padahal anu dimaksudna mah ukur hiji atawa sabagian. Bet atuh heueuh, ti baheula ogé bisaeun nyieun kapal mah. Lain hartina sakumna rahayat Indonesia, tapi maksudna mah lembaga atawa pausahaan nu tangtu. Kaasup gaya basa Sinékdoke atawa Raguman anu ngébréhkeun rupa-rupa hal anu dihijikeun atawa dibeungkeutkeun.

Conto Gaya Basa Hurunan:
  • Nagara urang ogé ayeuna mah geus bisa nyien pesawat terbang.
  • Dina industri otomotif mah Jepang ogé geus bisa nandingan Amérika.
  • Di Bandung kungsi diayakeun Konfrénsi Asia Afrika.
  • Sakola kuring jadi pinunjul kahiji dina sayémbara pidato sa-Jawa Barat.
  • Ayeuna mah urang Sunda ogé geus malencar ka sakuliah Nusantara.

“Ka mana Si Sardé téh, teu katémbong tarang-tarangna acan?” Pars Pro Toto atawa Tunggalan; nyebut sabagian padahal anu dimaksudna mah sagemblengna. Heueuh, pan maksudna mah sakujur awak uing, lain ukur tarang wungkul nu teu katémbong ku Euceu téh. Kaasup gaya basa Sinékdoke atawa Raguman nu ngébréhkeun rupa-rupa hal anu dihijikeun atawa dibeungkeutkeun.

Conto Gaya Basa Tunggalan:
  • Ka mana budak téh, teu katémbong tarang-tarangna acan?
  • Itu tuh calon pangantén mah anu maké jas biru.
  • Pagawéan loba teuing leungeun mah sok tara bener.
  • Korban jiwa Tsunami téh mangréwu-réwu jumlahna.
  • Acong-acongan solat ogé ari kalakuan teu bener mah teu aya hartina.

Ah, geuningan taya bédana jeung basa séjén! Maenya?***

2 thoughts on “Da Gaya Nya Téh Basa Sunda Mah

  1. mujaahid1996 mengatakan:

    Hatur nuhun pisan, kang! Mugi janten mangfaat.

  2. Septi Rishayatin mengatakan:

    Kalo contoh dari lalandiannhya apa aja selain yg tadi?

Tinggalkan Balasan

Alamat surel Anda tidak akan dipublikasikan.

Anda dapat menggunakan tag dan atribut HTML: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>